KENAPA ALLAH KUMPULKAN KITA DI BLOG INI ?

Nu Bade diajar deui bahasa Sunda

 


Masih emut keneh ka basa anu parantos jarang di anggo ku urang... 

1. Atah Anjang = Langka Silih Anjangan

2. Adigung Adiguna = Takabur, Sombong

3. Ambek Nyedek tanaga Midek = Nafsu gede tapi tanaga euweuh

4. Anjing Ngagogogan kalong = Mikahayang Nu lain- lain

5. Adat kakurung ku Iga = Lampah Goreng Hese Leungitna

6. Alak Paul = Jauh Pisan

7. Aki-aki tujuh Mulud= Geus kolot Pisan

8. Ayem Tengtrem = Tenang teu aya kasieun

9. Asa teu Beungeutan = Awahing ku era

10. Anu Borok dirorojok = Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka

11. Amis = Hade Paroman

12. Aya jurig Tumpak Kuda = aya Milik Nu teu disangka-sangka

13. Aya jalan Komo meuntas = Aya Kahayang aya Nu ngajak

14. Awewe Dulang tinande = Awewe nurutkeun kahayang salaki

15. Amis Daging = Babarian Katerap Panyakit

16. Abong Letah teu Tulangan = Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun Batur

17. Ari umur Tunggang Gunung, Angen-angen pecat sawed = Ari Umur geus Kolot, ari kahayang jiga Budak ngora

18. Agul Ku Payung Butut = Agul Ku Turunan

19. Aya Pikir Kadua leutik = Aya Kahayang

20. Asa ditonjok Congcot = Ngarasa Bungah Pisan

21. Adean Ku kuda Beureum = Ginding Ku Pakean Meunang Nginjem

22. Birit Aseupan = teu Daek Cicing

23. Biwir Nyiru Rombengeun = Resep Nyaritakeun Rusiah Atawa Kasalahan Batur

24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, Ngariung Babarengan

25. Beurat Birit = Hese Dititah

26. Bali Geusan Ngajadi = Lemah Cai Kalahiran

27. Balungbang Timur = Nuduhkeun Hate Beresih

28. Bobo Sapanon Carang Sapakan = Aya Kakurangan

29. Bilatung Ninggang dage = Bungah Pisan

30. Batok Bulu eusi Madu = Ninggang Lain Pitempatenana

31. Badak Cihea = Degig

32. Bonteng Ngalawan Kadu = Nu hengker ngalawan Nu Bedas

33. Babalik Pikir = Insap

34. Balik Pepeh = Nu gering teu daek Cicing

35. Balik Ka Temen = Asal banyol Jadi Pasea

36. Buntut Kasiran = Medit

37. Bodo Alewoh = Bodo Tapi Daek tatanya

38. Bodo Kawas kebo = Bodo Kacida

39. Beja mah Beja = Beja Ulah Waka dipercaya

40. Bancang Pakewuh = Pikasusaheun

41. Budak keur meujeuhna Bilatung Dulang = Keur Meujeuhna Beuki dahar

42. Bulu Kapaut = Kabawa kuBatur

43. Balabar Kawat = Beja Nu sumebar

44. Beak Dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil Bae

45. Batan Kapok Galah Gawok = Batan Eureun kalah Maceuh

46. Buruk- Buruk Papan Jati = Hade Goreng dulur Sorangan

47. Cueut Kahareup = Tereh Maot

48. Deukeut- Deukeut Anak Taleus = Deukeut Tapi taya nu nyahoeun

49. Disakompet daunkeun = Disamarutkeun

50. Dibejer Beaskeun = Dijentrekeun, Dieceskeun

51. Dog dog Pangewong = Acara Panambah

52. Dibabuk Lalaykeun = Dibabuk Kenca Katuhu

53. Dagang Oncom rancatan Emas = Teu Saimbang

54. Dihin Pinasti Anyar Pinanggih = Papantes Geus ditangtukeun ku Gusti Alloh

55. Dug Hulu Pet Nyawa = Usaha satekah Polah

56. Elmu Ajug = Bisa Mapatahan Batur, Ari Sorangan teu Bisa Ngamalkeun

57. Gantung Denge = Masih Dedenge-eun

58. Ginding Kekempis = Ginding tapi Sakuna Kosong

59. Gede Gunung Panaggeuhan = Boga andeleun, Pedah Boga Dulur Beunghar

60. Garo Mengmenge-eun = Taya Kasabaran

61. Galehgeh Gado = Sagala Di Caritakeun

62. Garo Singsat = Pagawean Awewe Dina aya ka teu Panuju

63. Gurat batu = Pageuh Kana Jangji

64. Goong saba Karia = nonjolkeun Maneh sangkan kapake ku dunungan

65. Goong nabeuh Maneh = Ngagulkeun Diri sorangan

66. Getas hareupan = Gancang Nafsu

67. Gindi Pikir Belang Bayah = Goreng Hate

68. Hampang Birit = Daekan Kana Gawe

69. Hambur congcot murah Bacot = Goreng Carek Tapi berehan

70. Heuras Genggerong = Omongana Sugal

71. Hade Gogog Hade Tagog = Jalma Sopan

72. Hutang salaput Hulu = hutangna Kaditu Kadieu

73. Hurung Nangtung Siang leumpang = Nu Beunghar pangabogana dipake

74. Hejo tihang = Sok Pundah Pindah Gawean

75. Harigu Manukeun = Dadana Nyohcor Kahareup

76. Haripeut Ku teuteureuyan = Gampang Ka picot Ku pangbibita

77. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi Kadenge Ku Batur

78. Handap Lanyap = Omongana lemes Tapi ngahina

79. Halodo sataun Lantis Ku hujan sapoe = kahadean mang taun- taun leungit ku kagorengan sakali

80. Heureut Pakeun = Kurang Kaboga

81. Hampang leungeun = gancang tunggal teunggeul

82. Iwak Nantang sujen = Ngadeukeutan Pibahayaeun

83. Inggis Batan Maut Hinis = Paur Pisan

84. Jalma Atah Warah = Teu Narima Didikan Sacukupna

85. Jati Kasilih ku Junti = Pribumi ka elehkeun Ku Semah

86. Jauh-Jauh Panjang gagang = jauh- jauh teu Beubeunangan

87. Kawas anjing Tutung Buntut = Teu Daek Cicing

88. Kawas Anjing Kadempet Lincar = Gogorowokan Menta Tulung

89. Kawas Bueuk Meunang Mabuk = Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita

90. Kurung Batok = Tara indit- inditan jauh

91. Kawas Beusi Atah Beuleum = beungeutna Beureum awaning Ambek

92. Kokolot Begog = Budak Pipilueun Kana Urusan Kolot

93. Kawas nu dipupul Bayu = Leuleus taya tangan Pangawasa

94. Kumaha Geletuk Batuna, Kecebur caina = Kumaha Brehna

95. Kejot Borosot = Gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula

96. Kabawa ku sakaba-kaba = Kabawa ku nu teu puguh

97. Kahieuman Bangkong = Jiga beunghar Pedah katitipan barang batur

98. Katempuhan Buntut Maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana

99. Kawas cai dina daun taleus = Taya Tapakna

100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh

101. Kelek jalan = Deuket tapi jalan na taya nu lempeng

102. kawas jaer kasaatan = teu daek cicing

103. kawas gaang katincak = jempe

104. kawas hayam panyambungan = lumbang- limbung teu puguh

105. Kawas kuda leupas tina gedogan = ngarasa bebas

106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot nu kababawana

107. Kandel kulit beungeut = euweuh ka era

108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak

109. Kokoro manggih Mulud = makmak-mekmek

110. kawas kedok bakal = goreng patut pisan

111. kaliung kasiput = loba baraya beunghar

112. kawas kapuk ka ibunan = leuleus taya tangan pangawasa

113. Kalapa Bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun sorangan

114. kawas kacang ninggang kajang = nyariatna capetang tur gancang

115. kawas nyoso malarat rosa = malarat pisan

116. Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun

Ku gusti Allah

117. Kembang Buruan = Budak Nu keur Resep Ulin

118. Kawas leungeun Palid = Uyap ayap teu daek cicing

119. kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar  ... 


Mangga  kangge ngemut deui basa Sunda

Comments