KENAPA ALLAH KUMPULKAN KITA DI BLOG INI ?

ELMU PANGAWEURUH

ELMU PANGAWEURUH
PANYELANG :

1.   Taarna téja mentrangan  =  Tarang nu alus jiga cahayaan

2.   Tai ka hulu- hulu  =  Kacida bodona

3.   Tamba gado ngaburayot  =  Tamba cicing teu barang dahar, lumayan sanajan teu ngeunah

4.   Tamplok batokeun  =  Béréhan teuing nepika teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan

5.   Tapel adam  =  Bibit buit, beuti pamelaran

6.   Tarajé nanggeuh dulang tinandé  =  Siap sadia ngajalankeun paréntah

7.   Tarik alah batan mimis  =  Kacida tarikna ( lumpat, jst)

8.   Taya geusan pakumaha  =  Taya batur keur diajak badami

9.   Taya dunya kinasihan  =  Euweuh barang anu dikorétkeun pikeun jalma anu dipikanyaah

10.   Taya genah panasaran  =  Teu ngandung haté, geus ngarasa puas

11.   Taya halodo panyadapan  =  Taya eureuna

12.   Taya siruaneunana  =  Taya araheunana

13.   Taya tangan pangawasa  =  Teu boga tanaga atawa kakawasaan

14.   Teguh pancuh  =  Pageuh pamadegan

15.   Témbong gelor  = Siga deukeut padahal jauh

16.   Témbong tambagana  =  Kanyahoan goréngna

17.   Terusing ratu rembesing kusumah  =  Turunan ménak

18.   Teu asa jeung jiga  =  Loma pisan

19.   Teu asup kolem  =  Teu kaasup bilangan

20.   Teu kaasup ka rewah mulud  Teu kaaku lantaran minculak ti batur

21.   Teu aya geuneuk maleukmeuk  =  Beresih haté, teu ngunek-ngunek

22.   Teu badé gawé  =  Teu bisa digawé

23.   Teu boga pikir rangkepan  =  Bolostrong, teu boga curiga

24.   Teu boga tulang tonggong  =  Teu boga tatalang raga

25.   Teu busik bulu salambar  =  Salamet henteu kabeunangan ku musuh

26.   Teu cai hérang- hérang acan  =  Teu disuguhan nanaon

27.   Teu ditari teu ditakon  =  Teu ditanya-tanya acan

28.   Teu didénge ku tai ceuli  =  Teu diperhatikeun pisan

29.   Teu dihurang teu di keuyeup  + Pasrasaan mah teu di cacah teu di menak sarua baé

30.   Teu didinding kelir  =  Diceplakkeun satarabasna. taya nu dipinding-pinding

31.   Teu éléh géléng  =  Teu éléh pangabisa atawa teu éléh carita ku batur

32.   Teu embut teu ciak  =  Teu méré béja saeutik-eutik acan

33.  Teru gugur teu angin  =  Teu aya lantaranana

34.   Teu hir teu walahir  =  Deungeun-deungeun tulén

35.   Teu inget sacongo buuk  =  Teu inget pisan

36.   Teu kaur buluan  =  Béak deui béak deui

37.   Teu kakurung ku étnik  =  Teu kaasup bilangan nu ditangtukeun dahareunana

38.   Teu lemék teu nyarék  =  Teu ngomong naon-naon

39.   Teu nalipak manéh  =  Ngalampahkeun hal anu teu luyu jeung kaayaan diri

40.   Teu ngalarung nu burung teu nyésakeun nu édan  =  Ngalajur napsu satakerna geus teu pilih- pilih deui

41.   Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata  =  Nyaksian sorangan

42.   Teu nyaho di alip bingkeng  =  Buta hurup

43.   Teu nyaho di hitut bau  =  Teu loba pangalaman, dusun atawa boloho kénéh

44.   Teu pindo damel  =  Teu ngabohong

45.   Teu puguh alang ujurna  =  Teu puguh salang surupna

46.   Teu puguh monyét hideungna  =  Teu puguh tungtungna

47.   Teu sanak teu kadang  =  Teu boga baraya pisan

48.   Teu tuah teu dosa  =  Teu boga kasalahan nanaon

49. Teu uyahan  = réhé, kurang ajar

50.   Tibatan kapok anggur gawok  =  Teu kapok anggur ngahanakeun

51.   Tibatan meunang pala anggur meunang palu  =  Tibatan meunang pujian atawa buruhan kalah di carékan atawa meunang hukuman

52.   Tiis ceuli hérang mata  =  Ngarasa sugema taya kahariwang

53.  Tiis dingin paripurna  =   Tiis ceuli hérang mata =  Kacida sugemana

54.   Tiis leungeun  =  Jadian pepelakan

55.   Ti kikirik nepi ka jadi anjing  =  Ti budak nepi ka sawawa

56.   Tikoro kotokeun, caréham hayameun  =  Isuk-isuk kénéh kudu geus barang dahar

57.   Tinggal tulang jeung kulit  =  Kacida begangna

58.   Ti kongkoak nepi ka ngungkueuk  =  Ti bubudak nepika bongkok ku kakolotan

59.   Ti nangerang lila beurang ti nyangkoék lila poék  =  Ti tempat nu kacida jauh ti kota

60.   Titirah ngadon kanceuh  =  Hayang cageur malah beuki ripuh

61.   Tisusut tidungdung  =  Gawé beurat bari ripuh

62.   Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut  =  Keur nu ngedul hudang subuh

63.   Tuduh acungan  =  Dititah nitah deui ka nu séjén

64.   Tukuh ciburuy  =  Teu daék narima pamadegan batur anu leuwih bener

65.   Tumpang sirang  =  Tumarimpang, Karagok baé jeung nu di cicingan

66. Tumarajong tanpa larapan  =  Datang teu ngiberan heula

67.   Tunggul dirurud catang dirumpak  =  Ngalajur napsu taya nu dihiding

68.   Tunggul kuras  =  Duit anu ngahaja disésakeun, ulah nepi ka kosong teuing

69.   Turunan tumenggung sundung, patih arit  =  Lain turunan menak sanajan jeneng

70.   Tulus langkung kepang halang  =  Omongan atawa caritaan nu teu merenah atawa salah.

71. Tamba gado ngagayot = daripada tiisieun mening ngobrol

72. Tagog gogog haté gebog = Dedegan pikasieunneun dupi manahmah bidadari sawarga..

Comments